kecap panambah | B. sunda


kecap panambah
anu dimaksud kecap panambah teh  nyaeta kecap anu miboga fungsi ngantepkeun kana hiji hal. kecap panambah teh dibagi jadi sababaraha:
- kecap panahap. contona : rada, semu, teuing, kacida, paling, meni, naker.
- kecap panangtu. contona : unggal, sawatar, tiap, saban, sagala, sarupaning,.
- kecap panambah aspek. contona : can, kakara, geus, masih, rek, keur.
- kecap modalitas. contona : ulah, lain, kudu, sadia, tangtu,langka, seja, mugia.
- kecap panganteub. contona : mah, tea, oge, deuih, keneh.
- kecap panganteur. contona: belewer, gantawang, cikikik, geleser eureuleu, rengkenek, am, gek.

contoh kalimat
- kecap panahap
  1) buah mangga teh semu haseum rasana
  2) sanguna tong loba teuing bisi teu seep.
  3) mun usum halodo mah panasna naker

- kecap panangtu
  1) unggal peuting kuring sok diajar
  2) tiap poe minggu, kuring sok jalan-jalan ka pasar tumpah
  3) sagala rupa sayuran teh aya di pasar.

- kecap panambah aspek
  1) jam 5 sore, kuring kakara datang ka imah.
  2) kuring rek ka warung heula meser minyak jeung tarigu.
  3) jam satengah genep isuk-isuk, kuring geus indit ka sakola.

- kecap modalitas
  1) ulah dimana wae nyimpen gelas teh, bisi katajong !
  2) kudu bersih lamun nyeuseuh saragam mah !
  3) mugia ulangan matematika nilaina gede !

- kecap panganteub
  1) adi kuring mah tara beunang dicarek
  2) cek kuring oge tong lulumpatan bisi labuh
  3) geus mah tunduh, cape deuih !

- kecap panganteur
  1) mun nilai leutik, bapa mah sok gantawang nyarekan.
  2) ari geus dahar mah, eureuleu si Dodo teurab.
  3) lantaran kesel diudag anjing, belewer, si Dodo maledogkeun batu.



Komentar

  1. Sae pisan. kantenan saupami ditambihan ku conto-conto ungkara kalimah anu aya dina rupa-rupa wacana kayaning koran, majalah, carpon, novel sareng nu sanesna.

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

sel hewan dan sel tumbuhan

pola bilangan dan barisan